Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2020

Usum Halodo jeung Usum Hujan

Gambar
       Hawa karasa tiris, komo mun geus peuting mah. Rék asup  ka usum halodo pangna kitu gé. Geus aya kana samingguna teu turun hujan.      Di urang mah apan ukur aya dua usum, nyaéta usum halodo  jeung usum hujan. Dina sataun téh, sakapeung usum halodona  leuwih panjang. Dina taun séjénna, usum hujan anu leuwih  panjang.      Dina keur usum halodo, susukan jeung walungan sok orot  caina, malah sakapeung mah sok saat. Sarua sumur gé, ari keur  usum halodo mah caina sok ngurangan. Sok rajeun kadéngé  aya wewengkon anu kakurangan cai ari keur usum halodo téh,  komo mun leuwih ti genep bulan mah.      Dina keur usum halodo, urang kudu leuwih ati-ati, sabab  sok aya kahuruan. Seuneu ngaduruk imah jeung wawangunan  séjénna. Malah sakapeung mah imah anu kaduruk téh sok loba. Éta  téh biasana di tempat anu imahna gegek jeung padédémpét.      Urang kudu hémat kana cai. Mana komo mun caina  meunang meuli mah. Lamun rék nyébor buruan, teu kudu ku cai  beresih. Ku cai urut nyeuseuhan gé teu nana