Usum Halodo jeung Usum Hujan


     Hawa karasa tiris, komo mun geus peuting mah. Rék asup  ka usum halodo pangna kitu gé. Geus aya kana samingguna teu turun hujan.

    Di urang mah apan ukur aya dua usum, nyaéta usum halodo  jeung usum hujan. Dina sataun téh, sakapeung usum halodona  leuwih panjang. Dina taun séjénna, usum hujan anu leuwih  panjang.

    Dina keur usum halodo, susukan jeung walungan sok orot  caina, malah sakapeung mah sok saat. Sarua sumur gé, ari keur  usum halodo mah caina sok ngurangan. Sok rajeun kadéngé  aya wewengkon anu kakurangan cai ari keur usum halodo téh,  komo mun leuwih ti genep bulan mah.

    Dina keur usum halodo, urang kudu leuwih ati-ati, sabab  sok aya kahuruan. Seuneu ngaduruk imah jeung wawangunan  séjénna. Malah sakapeung mah imah anu kaduruk téh sok loba. Éta  téh biasana di tempat anu imahna gegek jeung padédémpét.

    Urang kudu hémat kana cai. Mana komo mun caina  meunang meuli mah. Lamun rék nyébor buruan, teu kudu ku cai  beresih. Ku cai urut nyeuseuhan gé teu nanaon. Nu penting asal  di buruan tong réa kebul.

    Lamun keur usum halodo, datangna hujan téh diarep-arep  pisan. Komo lamun sumur geus saraat mah.

    Dina geus datang usum hujan, sarua waé urang kudu  leuwih ati-ati. Lamun hujan ngecrek teu eureun-eureun, biasana  di sawatara tempat mah sok aya caah. Susukan jeung walungan  caina limpas. Jalan, gang, buruan, imah, jeung wawangunan  lianna kakeueum.

    Datangna caah téh mimindengna mah salah urang kénéh.  Got mengpet, tepi ka caina mudal. Kitu deui susukan jeung  walungan caina kacandet, tepi ka majuna teu lancar. Pangna  mendet atawa kapengpet téh lantaran urang sok miceun runtah  sangeunahna. Anu matak urang dipahing pisan miceun runtah  ka susukan atawa ka walungan téh. Pagawéan kitu sarua jeung  ngaruksak alam. Gusti Alloh bakal bendu mun urang ngaruksak alam.

saatos dibaca eta paguneman diteraskeun ngajawab pananya dina link di handap ieu.

Link Soal ngajawab pananya

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Piknik ka Kawahputih

Niténan Robahna Kecap