Postingan

Menampilkan postingan dari 2023

A. Maca dina Jero Haté

Gambar
     Sajaba ti anu nyaritakeun sasatoan, aya deuih dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma sapopoé. Geura pék ayeuna ku hidep baca dina jero haté dongéng anu kawas kitu. Ieu dongéng téh nyaritakeun kanyaah kolot ka barudakna. Ari anu disebut nyaah téh lain hartina ngogo. Sok geura baca sing tepi ka enya-enya kaharti eusina. Dongéng 1 Emas Warisan Bapa     Saméméh maot, Bapa Dulmanan téh nyarita ka barudakna, “Ujang, Nyai, ayeuna Bapa rék nyarita ka hidep tiluan. Bapa téh boga emas, dikubur di tukangeun imah. Tah engké mah pék ku hidep tiluan éta emas téh kali, keur bekel hirup hidep.”      Ngan sakitu amanatna téh. Bapa Dulmanan henteu nerangkeun, éta emas téh dikuburna di lebah mana. Anu matak barudakna téh bingungeun, sabab lahan anu aya di tukangheun imahna téh lega.      Gancangna carita, éta budak nu tilu téh naréangan emas anu dicaritakeun ku bapana. Mimitina anu taneuh anu dikali téh anu adek ka imah. Tapi sakitu geus dikali aya kana tilu poéna ogé emas anu dikubur