A. Maca dina Jero Haté

    Sajaba ti anu nyaritakeun sasatoan, aya deuih dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma sapopoé. Geura pék ayeuna ku hidep baca dina jero haté dongéng anu kawas kitu. Ieu dongéng téh nyaritakeun kanyaah kolot ka barudakna. Ari anu disebut nyaah téh lain hartina ngogo. Sok geura baca sing tepi ka enya-enya kaharti eusina.

Dongéng 1

Emas Warisan Bapa




    Saméméh maot, Bapa Dulmanan téh nyarita ka barudakna, “Ujang, Nyai, ayeuna Bapa rék nyarita ka hidep tiluan. Bapa téh boga emas, dikubur di tukangeun imah. Tah engké mah pék ku hidep tiluan éta emas téh kali, keur bekel hirup hidep.”
    Ngan sakitu amanatna téh. Bapa Dulmanan henteu nerangkeun, éta emas téh dikuburna di lebah mana. Anu matak barudakna téh bingungeun, sabab lahan anu aya di tukangheun imahna téh lega.
    Gancangna carita, éta budak nu tilu téh naréangan emas anu dicaritakeun ku bapana. Mimitina anu taneuh anu dikali téh anu adek ka imah. Tapi sakitu geus dikali aya kana tilu poéna ogé emas anu dikubur téh teu kapanggih.
    “Ayeuna urang rék kumaha?” ceuk budak anu cikal, ngaran Salhiam.
    “Urang teruskeun wé, da geus kagok,” omong budak nu panengah, ngaran Salhapi.
    Deker deui digarawé. Taneuh anu dipacul téh dilegaan, tepi ka meunang satengahna tina legana lahan. Tapi angger waé emas nu dicaritakeun ku bapana téh teu kapanggih.
    “Capé geuning, urang tiluan geus rék saminggu ngali taneuh téh, tapi emas anu ditéangan ku urang angger teu kapanggih,” omong Salhiam.
    “Enya, Kang. Tapi da urang geus kagok digawé, urang teruskeun wé,” témbal budak nu bungsu, awéwé, ngaran Salwati.
    Maculan taneuh diteruskeun, dipapay taya nu kaliwat. Lahan anu aya di tukangeun imah téh geus dikali, tapi angger waé emas téh teu kapanggih. Tungtungna mah eureun wé maranéhna téh, da lahan anu rék dikalina geus béak. Katambah-tambah geus mimiti cur hujan.
    “Ah, euweuh geuning emas téh,” ceuk Salhapi.
    “Enya. Jigana ngabohong Bapa téh, da geuning buktina sakitu geus ditétéangan aya kana dua mingguna gé, éta emas téh teu kapanggih,” omong Salhiam.
    “Ah, asa piraku Bapa tepi ka bohong,” ceuk Salwati.
  “Tapi geuning buktina emas téh teu kapanggih. Mana kitu gé Bapa téh ngabobodo,” omong Salhapi.
    Salwati henteu ngomong. Manéhna teu percaya mun bapana tepi ka ngabohong. Tapi dina kabuktianana emas anu dicaritakeun ku bapana téh euweuh geuning.
    “Geus wé Akang mah rék ka kota, rék nyiar pagawéan,” ceuk Salhiam.
    “Enya, asa mending nyiar gawé ka kota,” ceuk Salhapi.
    “Abdi mah moal indit ti dieu, Kang,” ceuk Salwati.
    “Naha? Rék terus néangan emas anu dicaritakeun ku Bapa?” Salhapi nanya.
    “Ah, moal. Abdi mah moal terus néangan emas,” témbal Salwati.
    “Ari enggeus rék naon cicing di dieu gé?” ceuk Salhiam.
    “Lebar ku lahan anu meunang maculan, jaba ayeuna geus mimiti usum hujan. Éta lahan téh ku abdi rék dipelakan,” témbal Salwati.
    Sanggeus si bungsu nyarita kitu, karék kapikir ku Salhiam jeung ku Salhapi, asa leuwih hadé lamun lahan anu meunang maculan téh dipaké melak tatangkalan. Anu matak maranéhna teu tulus indit ka kota.
    Gancangna carita, lahan di tukangeun imah téh terus waé dipelakan jagong. Bubuhan tanahna geus meunang maculan, jaba deuih geus datang usum hujan, jagong anu dipelak di dinya téh jadina mani alus. Téréh gedé jeung téréh buahan, mani galedé.
    Teu lila ti harita, jagong meunang melak maranéhna geus bisa dipanén. Hasilna mani loba, tepi ka ahirna mah sawaréh dijual ka pasar. Maranéhna meunang duit tina ngajual jagong.
      “Enya baé Bapa téh teu bohong,” ceuk Salhiam.
    “Horéng emas anu dicaritakeun ku Bapa téh maksudna urang kudu daék digawé heula ngolah lahan, sabab engkéna bakal ngahasilkeun,” omong Salhapi.
    Salwati mah teu ngomong, ngan ukur seuri tanda bungah. Sanggeus kabuktian kitu mah éta tilu sadulur téh tambah hormat ka bapana, sok sanajan ngan kari ngaranna. Omongan bapana tétéla bener, sarta bisa dibuktikeun yén dina lahan tukangeun imah téh bisa ngahasilkeun harta banda. Ari harta banda apan éta téh sarua jeung emas.

Pék ayeuna ku hidep susun kecap-kecap nu aya di handap tepi ka jadi kalimah. Éta kalimah téh patali jeung eusi dongéng nu bieu ku hidep dibaca.

Klik Link di handap ieu 
↓↓↓↓↓↓↓↓↓↓↓↓↓

Nyusun Kalimah

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Piknik ka Kawahputih

Niténan Robahna Kecap