Niténan Robahna Kecap
Niténan Robahna Kecap Titénan robahna kecap anu aya dina kalimah di handap 1. ajak ⮴ diajakan Ratna diajakan piknik ka Kawahputih ku Bibi Yanti. 2. témbal ⮴ ditémbalan Lamun aya anu nanyan kudu gancang ditémbalan . 3. jauh ⮴ dijauhan Kalakuan goréng ku urang kudu gancang dijauhan . 4. parab ⮴ diparaban Maung dina jero karangkéng diparaban daging. 5. gero ⮴ digeroan Sakitu digeroan , naha mani teu ngalieuk, nya? 6. sangu ⮴ disanguan Lodéh dina mangkok téh terus disanguan , am didahar. 7. lada ⮴ diladaan Asa teu pati ngeunah mun rujak teu diladaan mah atuh. 8. minyak ⮴ diminyakan Tacan diminyakan geuning katél keur ngagoréng kurupuk téh. 9. daging ⮴ didagingan Nyieun sop téh teu didagingan , da teu boga duit keur meulina....