Diibakan Gajah ( Pangalaman Gilang)
Abdi sareng réréncangan sakelas piknik ka kebon binatang. Miosna kana angkot, ngahaja kénging nyéwa. Aya opat angkotna téh, dinomeran sangkan teu lepat naék. Abdi kabagian angkot nomer dua.
“Gilang samobil sareng abdi, nya,” sanggem Haris ka abdi.
Tabuh satengah dalapan, rombongan mios. Nyalsé waé angkot téh majuna, henteu suat-siet siga nu babalapan. Saméméh lebet ka kebon binatang, Bapa Guru ngabagikeun karcis ka sadaya murid. Abdi sadaya ku Pa Guru diomat-omatan sangkan ulah papencar. Abdi mah piknik ka kebon binatang téh rada sering, aya kana opat kalina. Tos apal kana lebah-lebahna kandang sasatoan.
“Itu maung keur diparaban,” sanggem Ridwan.
Bring ka kandang maung. Euleuh éta daging nu diparabkeunana mani seueur.
“Padahal mah mun disop, nya,” sanggem Déwi.
“Daging anu disop mah atuh bagian anu ngurusna,” sanggem padamel kebon binatang anu nuju sasapu.
Ti kandang maung, teras ngabring deui ka kalér. Maya ujug ujug lumpat bari ngajerit.
“Aya naon, Maya?” sanggem KM.
“Itu aya oray. Sieun, ah,” sanggem Maya.
“Moal nanaon, da dina kandang,” sanggem nu sanés. “Ah, da Maya mah gila ningalna,” sanggem Maya deui. “Maya mah badé ningal gajah wé.”
Bring deui ka kandang gajah, nuturkeun Maya.
“Maya tong caket teuing ningalna,” sanggem Fatimah. “Wios ah, da Maya mah resep,” sanggem Maya.
Gajah téh nyerot cai ku tulaléna tina balong di lebet kandang. Naha ari pék teras disebrotkeun.
"Ih Gajah téh....!” Maya ngajéréwét. Topina kabaseuhan.
“Horé …, Maya diibakan ku gajah,” sanggem abdi bari seuri. Réréncangan ogé sami sareuri. Tapi Maya mah kalah baeud. Duka kumaha ngawitanana, gajah téh nyebrotkeun deui cai tina tulaléna. Ayeuna mah keunana ka abdi pisan. “Horé, ayeuna giliran Gilang diibakan ku gajah …,” sanggem Maya bari ngajebéngan ka abdi.
“Tadi meureun teu ibak heula,” sanggem nu sanés bari seuseurian.
Abdi gé ngiring seuri, “Ah, dasar gajah, ada-ada sajah ….”
Ngapalkeun Harti Kecap
Yu urang ngapalkeun!
1. Kadé, Ratna ulah léléda, bisi ditinggalkeun ku rombongan.
léléda = talangké, henteu gagancangan dina digawé lantaran kedul.
2. Énjing, méméh adan subuh abdi tos bérés ti jamban.
jamban = kamar mandi.
3. Leuh ieu nu badé piknik, mani goréjag.
goréjag = hudang subuh-subuh.
Pék ku hidep bandingkeun.
a) Manéh mah saré téh mani kebluk, sakitu geus dihudang keun gé angger wé
kérék.
kebluk = hésé hudang
b) Geus baku, saban tengah peuting adi kuring sok lilir, tapi tara terus ceurik.
lilir = hudang sakeudeung terus saré deui
4. Di sabudeureun éta gunung téh seueur kebon entéh.
sabudeureun = sakurilingeun.
5. Abdi sadaya ku Pa Guru diomat-omatan sangkan ulah papencar.
papencar = papisah
saatos dibaca eta paguneman sareng diapalkeun harti kecap dilajeungkeun kana ngalengkepan kalimah dina link dihandap ieu
Komentar
Posting Komentar