Piknik ka Kawahputih
Pèk ku hidep baca, teras dibandungan ku saha wae nu ngarencangan diajar
Piknik ka Kawahputih
(Pangalaman Ratna)
Harita nuju perè sakola. Nembè gè tilu dinten, abdi tos ngaraos kesel. Tuda sadidinten tèh tara ka mamana. Paling-paling sasapedahan, bari tara tebih deuih.
Ari dina dinten kalimana aya Bi Yanti. Anjeunna nyarios badé piknik ka Kawahputih, sareng réréncangan sakantorna. Abdi diajakan. Leuh, mani atoh.
“Énjing Ratna ku Bibi disampeur ka dieu, tabuh genep. Kadé, Ratna ulah léléda, bisi ditinggalkeun ku rombongan,” saur Bibi.
“Moal atuh, Bi,” sanggem abdi.
Énjingna, méméh adan subuh abdi tos bérés ti jamban.
“Leuh ieu nu badé piknik, mani goréjag,” saur Apa bari gumujeng. Éta panginten pédah biasana mah abdi sering kasiangan hudang.
“Apan bilih kakantun, mangkaning rombongan téh badé miosna énjing kénéh, saur Bi Yanti gé,” sanggem abdi.
Tabuh tujuh, mobil nu ngakut rombongan tos kaluar ti pakarangan kantor. Sadayana téh aya lima mobil. Di jalan teu acan seueur kendaraan. Janten dugi ka Soréang téh teu macét. Padahal upami nuju macét mah sok matak kesel.
Ari ka Soréang mah abdi téh terang. Basa éta abdi diajakan ku Ibu ka bumina Uwa Haji Fatonah. Bumina téh caket Pasar Soréang.
“Tebih kénéh ti dieu, Bi?” abdi naros ka Bi Yanti, waktos mobil tos dugi ka Ciwidéy.
Terang éta tempat namina Ciwidéy téh apan abdi ningal plang di payuneun kantor kacamatan. Ti Soréang ka Ciwidéy téh rada tebih.
“Nya tebih atuh. Jabi jalanna teras-terasan nanjak,” waler Bibi.
Leres waé jalan téh seueur nanjakna. Di tempat anu kalangkungan seueur kebon stoberi. Kebon palawija gé seueur deuih. Hawa tos ngawitan karaos tiris, padahal tos aya panonpoé.
Ti jalan raya, mobil téh méngkol ka kénca. Langkung nanjak saterasna mah, jaba jalanna heureut. Di sisieun jalan seueur tangkal kai arageung. Duka kai naon waé namina, da anu abdi apal mah mung ukur pineus.
Ti tempat parkir mobil ka Kawahputih téh kedah mapah heula, mapay tétécléan. Jol waé ka sisi kawah.
Paingan disebat Kawahputih, da geuning di dinya mah kawah téh warnana bodas, dugi ka matak sérab. Taneuh sareng batuna barodas. Anu disebat kawah téh pinuh ku cai, sapertos balong lega, tapi luhurna ngebul seueur haseup. Warna caina téh bodas semu héjo.
Saur Bi Yanti, Kawahputih téh ayana di Gunung Patuha. Di sabudeureun éta gunung téh seueur kebon entéh. Upami teras ka kidul engké téh aya situ, namina Situ Paténggang. Hanjakal piknik téh teu dugi ka Situ Paténggang, padahal abdi hoyong terang kumaha kaayaan di éta situ. Saur wartos mah éta situ téh éndah pisan.
Kawahputih matak narik ati. Hiji waktos mah abdi hoyong ameng deui ka dinya. Malih upami aya waktos mah ka Situ Paténggang ogé abdi téh hoyong amengan.
saparantos maca carita di luhur dilajeungkeun ngalengkepan kalimah
Klik Link di handap ieu nu warna biru hatur nuhun
Komentar
Posting Komentar