Niténan Robahna Kecap

Niténan Robahna Kecap 

Titénan robahna kecap anu aya dina kalimah di handap

1. ajak diajakan 

     Ratna diajakan piknik ka Kawahputih ku Bibi Yanti.

2. témbal ditémbalan 

     Lamun aya anu nanyan kudu gancang ditémbalan.

3. jauh dijauhan 

    Kalakuan goréng ku urang kudu gancang dijauhan.

4. parab diparaban 

    Maung dina jero karangkéng diparaban daging.

5. gero digeroan 

    Sakitu digeroan, naha mani teu ngalieuk, nya?

6. sangu disanguan  

    Lodéh dina mangkok téh terus disanguan, am didahar.

7. lada diladaan 

    Asa teu pati ngeunah mun rujak teu diladaan mah atuh.

8. minyak diminyakan 

    Tacan diminyakan geuning katél keur ngagoréng kurupuk téh.

9. daging didagingan 

    Nyieun sop téh teu didagingan, da teu boga duit keur  meulina. 

10. kalapa dikalapaan 

    Seupan taleus mah ngeunahna kudu dikalapaan geura, Nyi.


Pigawe kawas conto di luhur, lingkna aya di handap.

Link Ngesian Kalimah

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Piknik ka Kawahputih