Usum Halodo jeung Usum Hujan

Hawa karasa tiris, komo mun geus peuting mah. Rék asup ka usum halodo pangna kitu gé. Geus aya kana samingguna teu turun hujan. Di urang mah apan ukur aya dua usum, nyaéta usum halodo jeung usum hujan. Dina sataun téh, sakapeung usum halodona leuwih panjang. Dina taun séjénna, usum hujan anu leuwih panjang. Dina keur usum halodo, susukan jeung walungan sok orot caina, malah sakapeung mah sok saat. Sarua sumur gé, ari keur usum halodo mah caina sok ngurangan. Sok rajeun kadéngé aya wewengkon anu kakurangan cai ari keur usum halodo téh, komo mun leuwih ti genep bulan mah. Dina keur usum halodo, urang kudu leuwih ati-ati, sabab sok aya kahuruan. Seuneu ngaduruk imah jeung wawangunan séjénna. Malah sakapeung mah imah anu kaduruk téh sok loba. Éta téh biasana di tempat anu imahna gegek jeung padédémpét. Urang kudu hé...