Postingan

A. Maca dina Jero Haté

Gambar
     Sajaba ti anu nyaritakeun sasatoan, aya deuih dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma sapopoé. Geura pék ayeuna ku hidep baca dina jero haté dongéng anu kawas kitu. Ieu dongéng téh nyaritakeun kanyaah kolot ka barudakna. Ari anu disebut nyaah téh lain hartina ngogo. Sok geura baca sing tepi ka enya-enya kaharti eusina. Dongéng 1 Emas Warisan Bapa     Saméméh maot, Bapa Dulmanan téh nyarita ka barudakna, “Ujang, Nyai, ayeuna Bapa rék nyarita ka hidep tiluan. Bapa téh boga emas, dikubur di tukangeun imah. Tah engké mah pék ku hidep tiluan éta emas téh kali, keur bekel hirup hidep.”      Ngan sakitu amanatna téh. Bapa Dulmanan henteu nerangkeun, éta emas téh dikuburna di lebah mana. Anu matak barudakna téh bingungeun, sabab lahan anu aya di tukangheun imahna téh lega.      Gancangna carita, éta budak nu tilu téh naréangan emas anu dicaritakeun ku bapana. Mimitina anu taneuh anu dikali téh anu adek ka imah. Tapi sakitu geus dikali aya kana tilu poéna ogé emas anu dikubur

Usum Halodo jeung Usum Hujan

Gambar
       Hawa karasa tiris, komo mun geus peuting mah. Rék asup  ka usum halodo pangna kitu gé. Geus aya kana samingguna teu turun hujan.      Di urang mah apan ukur aya dua usum, nyaéta usum halodo  jeung usum hujan. Dina sataun téh, sakapeung usum halodona  leuwih panjang. Dina taun séjénna, usum hujan anu leuwih  panjang.      Dina keur usum halodo, susukan jeung walungan sok orot  caina, malah sakapeung mah sok saat. Sarua sumur gé, ari keur  usum halodo mah caina sok ngurangan. Sok rajeun kadéngé  aya wewengkon anu kakurangan cai ari keur usum halodo téh,  komo mun leuwih ti genep bulan mah.      Dina keur usum halodo, urang kudu leuwih ati-ati, sabab  sok aya kahuruan. Seuneu ngaduruk imah jeung wawangunan  séjénna. Malah sakapeung mah imah anu kaduruk téh sok loba. Éta  téh biasana di tempat anu imahna gegek jeung padédémpét.      Urang kudu hémat kana cai. Mana komo mun caina  meunang meuli mah. Lamun rék nyébor buruan, teu kudu ku cai  beresih. Ku cai urut nyeuseuhan gé teu nana

Niténan Robahna Kecap

Niténan Robahna Kecap   Titénan robahna kecap anu aya dina kalimah di handap 1. ajak ⮴ diajakan         Ratna diajakan piknik ka Kawahputih ku Bibi Yanti. 2. témbal ⮴ ditémbalan         Lamun aya anu nanyan kudu gancang ditémbalan . 3. jauh ⮴ dijauhan       Kalakuan goréng ku urang kudu gancang dijauhan . 4. parab ⮴ diparaban       Maung dina jero karangkéng diparaban daging. 5. gero ⮴ digeroan       Sakitu digeroan , naha mani teu ngalieuk, nya? 6. sangu ⮴ disanguan         Lodéh dina mangkok téh terus disanguan , am didahar. 7. lada ⮴ diladaan       Asa teu pati ngeunah mun rujak teu diladaan mah atuh. 8. minyak ⮴ diminyakan       Tacan diminyakan geuning katél keur ngagoréng kurupuk téh. 9. daging ⮴ didagingan       Nyieun sop téh teu didagingan , da teu boga duit keur  meulina.  10. kalapa ⮴ dikalapaan       Seupan taleus mah ngeunahna kudu dikalapaan geura, Nyi. Pigawe kawas conto di luhur, lingkna aya di handap. Link Ngesian Kalimah

Diibakan Gajah ( Pangalaman Gilang)

Gambar
       Abdi sareng réréncangan sakelas piknik ka kebon binatang. Miosna kana angkot, ngahaja kénging nyéwa. Aya opat angkotna  téh, dinomeran sangkan teu lepat naék. Abdi kabagian angkot  nomer dua.      “Gilang samobil sareng abdi, nya,” sanggem Haris ka abdi.      Tabuh satengah dalapan, rombongan mios. Nyalsé waé  angkot téh majuna, henteu suat-siet siga nu babalapan.  Saméméh lebet ka kebon binatang, Bapa Guru ngabagikeun  karcis ka sadaya murid. Abdi sadaya ku Pa Guru diomat-omatan  sangkan ulah papencar. Abdi mah piknik ka kebon binatang téh  rada sering, aya kana opat kalina. Tos apal kana lebah-lebahna  kandang sasatoan.      “Itu maung keur diparaban,” sanggem Ridwan.       Bring ka kandang maung. Euleuh éta daging nu  diparabkeunana mani seueur.      “Padahal mah mun disop, nya,” sanggem Déwi.       “Daging anu disop mah atuh bagian anu ngurusna,” sanggem  padamel kebon binatang anu nuju sasapu.       Ti kandang maung, teras ngabring deui ka kalér. Maya ujug ujug lumpat bari

Piknik ka Kawahputih

Gambar
Pèk ku hidep baca, teras dibandungan ku saha wae nu ngarencangan diajar Piknik ka Kawahputih (Pangalaman Ratna)      Harita nuju perè sakola. Nembè gè tilu dinten, abdi tos ngaraos kesel. Tuda sadidinten tèh tara ka mamana. Paling-paling sasapedahan, bari tara tebih deuih.      Ari dina dinten kalimana aya Bi Yanti. Anjeunna nyarios  badé piknik ka Kawahputih, sareng réréncangan sakantorna.  Abdi diajakan. Leuh, mani atoh.     “Énjing Ratna ku Bibi disampeur ka dieu, tabuh genep.  Kadé, Ratna ulah léléda, bisi ditinggalkeun ku rombongan,” saur  Bibi.     “Moal atuh, Bi,” sanggem abdi.    Énjingna, méméh adan subuh abdi tos bérés ti jamban.    “Leuh ieu nu badé piknik, mani goréjag,” saur Apa bari  gumujeng. Éta panginten pédah biasana mah abdi sering  kasiangan hudang.     “Apan bilih kakantun, mangkaning rombongan téh badé  miosna énjing kénéh, saur Bi Yanti gé,” sanggem abdi.    Tabuh tujuh, mobil nu ngakut rombongan tos kaluar ti  pakarangan kantor. Sadayana téh aya lima mobil. Di j